Love Forever 2
Masih inget keneh, waktu kuring mimiti resep ka manehna. Numana harita manehna anyar pisan dipotong rambutna, anu modelna jiga kos potongan rambut tentara. Pokokna mah kasep jeung ganteng we, katingalina.. Ka tambah memang beungeutna oge kasep tur bodas, najan geus bapak-bapak ge. Bari kabeneran manehna teh sok tampil necis sapopoena. Duh jadi nambah elegan we tampilanna.. Teuing, harita teh jadi ujug-ujug resep bin bogoh we ka manehna. Komo deui mun kumisna kabeneran anyar dicukur oge, beuh hate teh nambah resep pisan ka manehna. Soalnya mun kitu, jadi asa tambah bersih beungeutna.. Suerr deh! Sakapeng mah harita, sok ngahayal hayang jadi pamajikanna. Soalna kuring kabita ku beungeutna nu bersih tur lecir eta. Ih asa hayang nyabak teh, kana etana nu lenang. Komo bari menang nyium atau ngaletakkan mah, beuh pasti ngenah kacida meureun.. Komo lamun pas kabeneran rambutna anyar dicukur, beuh nambah ganteng jeung gagah we manahena. Asli! Kuring mun keur ningali manehna keur kayaan kitu, j...