Love Forever 2
Masih inget keneh, waktu kuring mimiti resep ka manehna. Numana harita manehna anyar pisan dipotong rambutna, anu modelna jiga kos potongan rambut tentara. Pokokna mah kasep jeung ganteng we, katingalina..
Ka tambah memang beungeutna oge kasep tur bodas, najan geus bapak-bapak ge. Bari kabeneran manehna teh sok tampil necis sapopoena. Duh jadi nambah elegan we tampilanna..
Teuing, harita teh jadi ujug-ujug resep bin bogoh we ka manehna. Komo deui mun kumisna kabeneran anyar dicukur oge, beuh hate teh nambah resep pisan ka manehna. Soalnya mun kitu, jadi asa tambah bersih beungeutna..
Suerr deh! Sakapeng mah harita, sok ngahayal hayang jadi pamajikanna. Soalna kuring kabita ku beungeutna nu bersih tur lecir eta. Ih asa hayang nyabak teh, kana etana nu lenang. Komo bari menang nyium atau ngaletakkan mah, beuh pasti ngenah kacida meureun..
Komo lamun pas kabeneran rambutna anyar dicukur, beuh nambah ganteng jeung gagah we manahena. Asli! Kuring mun keur ningali manehna keur kayaan kitu, jadi makin bogoh jeung resep pisan ka manehna..
Bari manehna teh resep heureuy jeung ocon deuih ka sasaha ge. Jeung iyeu nu matak nyieun cinta kuring makin kabina-bina ka manehna. Soalna jadi katingalina humoris, sipat nu karesep kukuring ti lalaki..
Nang hanjakalna manehna teh boga sipat pundungan. Teu kaop ka singgung we perasaanna, ngges deuh moal tatanya jeung manehna. Apesna kuring ge pernah deuih nyieun manehna ambek ku kuring, nu tungtungna manehna sempat teu nanya ka kuring..
Tapi teu lila tuluy hade dui sih. Cuma asa ku ngewa we, kolot-kolot pundungan. Padahal masalahna mah teu pira, bari kuring ge sabenerna mah geus menta hampura. Ah tapi tetep we, pas harita manehna ngambekna lila ka kuring..
Ah tapi sawios kitu oge, tetep we cinta kuring teu parem-parem ka manehna, ti babaheula nepi ka ayeuna. Komo bari ayeuna mah sok tampil klimis wae deuih, nu nyieun kuring teu jadi bosen-bosen ningali beungeutna..
Duh bapak Axel! Maneh ku deudeuh teuing keur kuring. Bener-bener maneh teh love kuring banget deh..
Komentar
Posting Komentar